Lompat ke isi

Husein Mutahar

Dari Wikipedia bahasa Indonesia, ensiklopedia bebas
Revisi sejak 16 Agustus 2017 05.19 oleh Pradigtamartakusumah (bicara | kontrib) (→‎Kulawarga: Narjamahkeun ka basa Sunda)
H. Mutahar
Berkas:Husein Mutahar.jpg
H. Mutahar nganggo acuk Pramuka
Duta Besar di Vatikan
Masa jabatan
1969–1973
PresidenSoeharto
Sekretaris Jenderal Departemen Luar Negeri
Masa jabatan
1974–1974
Ngadegkeun Paskibraka
Masa jabatan
1946–1973
PresidenSoekarno
Soeharto
Informasi pribadi
Lahir
Muhammad Husein bin Salim bin Ahmad bin Salim bin Ahmad al-Muthahar

(1916-08-05)5 Agustus 1916
Semarang, Jawa Tengah, Hindia Belanda
Meninggal6 Juni 2004(2004-06-06) (umur 87)
Indonesia Jakarta, Indonesia
KebangsaanIndonesia
ProfesiPencipta Lagu
Sunting kotak info
Sunting kotak info • L • B
Bantuan penggunaan templat ini

Muhammad Husein bin Salim bin Ahmad bin Salim bin Ahmad al-Muthahar atanapi langkung dipiwanoh minangka H. Mutahar dibabarkeun di Semarang, Jawa Tengah kaping 5 Agustus 1916 Daerah Khusus Ibukota Jakarta Jakarta 9 Juni 2004, nyaéta salasaurang komponis musik Indonesia, utamina dina wanda lagu kabangsaan sarta lalaguan murangkalih .

Lagu ciptaan anjeunna nu kawentar nyaéta : hymne Syukur (munggaran ditembangkeun Januari 1945) sareng mars Hari Merdeka (1946).[1] Karya lagu nu pungkasan Dirgahayu Indonesiaku , dijadikeun minangka lagu resmi nalika Milangkala ka -50 Kemerdekaan Indonésia.[1] Lalaguan murangkalih ciptaanana, diantawisna nyaéta : "Gembira", "Tepuk Tangan Silang-silang", "Mari Tepuk", "Slamatlah", "Jangan Putus Asa", "Saat Berpisah", sareng "Hymne Pramuka".[2]

Pangatikan sareng Kalungguhan

Anjeunna kantos ngiring kuliah salami sataun di Fakultas Hukum Universitas Gadjah Mada mangsa taun 1946-1947,[3] satutasna tamat ti MULO B (1934) igé AMS A-I (1938).[3] Dinaa taun 1945, Mutahar damel janten Sekretaris Panglima Angkatan Laut RI di Jogjakarta, saterasna janten pagawé di Sekretariat Negara di Jogjakarta (1947).[3] Salajengna, ngalih ka sabaraha departemén. Kalungguhan anu pangluhurna nyaéta janten Duta Besar RI di Tahta Suci (Vatikan) (1969-1973).[3] Anjeunna tiasa nyarios dina genep basa asing kalawan lancar. Jabatan nu panungtungan nyaéta janten Pajabat Sekretaris Jenderal Departemen Luar Negeri (1974).[3]

Kapanduan

H. Mutahar aktif dina kagiatan kapanduan. Anjeunna salasaurang tokoh utama Pandu Rakyat Indonesia,[2] gerakan kapanduan mandiri nu gaduh sikep nasionalis. Anjeunna ogé saurang anti-komunis. Nalika sadayana gerakan kapanduan dilebur jadi Gerakan Pramuka, Mutahar ogé jadi salasaurang pupuhu na. Anjeunna ogé ngadegkeun sarta ngalatih "Pasukan Pengibar Bendera Pusaka" (Paskibraka), anggangna dicandak ti para pelajar dti sakuliah Indonésia kanggo ngibarkeun Bendéra Pusaka dina upacara Hari Kemerdekaan RI.

Paskibraka

Minangka salasaurang ajudan Presidén, Mutahar dibéré tugas pikeun yusun upacara pangibaran bendéra nalika Républik Indonésia Milangkala nu munggaran kamerdikaan, 17 Agustus 1946.[4] Numutkeun pamendakna, pangibaran Bendéra dilakukeun ku para pamuda anu ngawakilan sakumna wewengkon di Indonésia. Teras anjeunna milih lima urang ti Yogyakarta (tilu lalaki, dua awéwé) nu ngawakilan daérah na séwang séwangan[4]

Nalika taun 1967, minangka diréktur jenderal urusan pemuda katut Pramuka, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Mutahar disuhunkeun ku Presidén Soeharto pikeun nyusun tatacara ngayakeun upacara Bendera Pusaka.[4] Tata cara pangibaran Bendera Pusaka pikeun dilakonan ku hiji pasukan nu dibagi menjadi tilu kelompok. Kelompok 17 salaku pangiring atawa pemandu; kelompok 8 salaku kelompok inti nu nyandak Bendéra; kelompok 45 salaku pangawal.Babagian tilu kelompok minangka simbul tina tanggal Proklamasi Kemerdekaan Republik Indonesia.[4]

Kulawarga

H. Mutahar teu kantos nikah, tapi ngagaduhan 8 anak sampeuran (6 lalaki dan 2 awéwé) anu seuseurna minangka ”papasrahan” ti indungna éta murangkalih—nu kaleresan tos randa— atawa ti bapa maranéhna —sawatara waktu sateuacanna tilar dunya, samalih mah aya ogé sacara sukaréla masrahkeun murangkalih na pikeun di didik ku Bp H Mutahar. Kiwari tos raru­mah tangga sarta gaduh 15 incu (7 lalaki sarta 8 awéwé).

Ngantunkeun

Mutahar Pupusna di Jakarta dina yuswa méh 88 taun, kaping 9 Juni 2004 ku lantaran tos udzur. Salami jumeneng na, anjeunna teu kantos nikah. Layonna dikurebkeun di Pemakaman Jeruk Purut, Jakarta Selatan.[1]

Referensi

  1. ^ a b c "H Mutahar Telah Pergi". Kompas. 2004-6-10. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2007-9-29. Diakses tanggal 2012-08-17. 
  2. ^ a b "H. Mutahar - Potret Seorang Musikus Ulung". Purna Paskibraka Indonesia. 2009-2-8. Diakses tanggal 2012-08-17. 
  3. ^ a b c d e Ismail, Gunawan (2007). Kumpulan Lagu Nasional: Persembahan untuk Indonesiaku. Niaga Swadaya. hlm. 173. ISBN 9791133719, 9789791133715 Periksa nilai: invalid character |isbn= (bantuan). 
  4. ^ a b c d Pamuji, Kukuh (2010). "4". Komunikasi dan Edukasi di Museum Istana Kepresidenan Jakarta (Tesis Magister). p. 114. http://www.lontar.ui.ac.id/file?file=digital/131472-T%2027477-Komunikasi%20dan%20edukasi-Analisis.pdf. 

Pranala luar